Langsung ke konten utama

Postingan

💦 LINGSIR WENGI_Yeni Ahmad

👣 LINGSIR WENGI_Yeni Ahmad Hariring Kidung pangagung mangsa peuting geus panceg dina jajantung.. Ngagalindeng jadi panyinglar. Sirna sagala bahla. Jin, setan hamo ampuh ngagunasika. Kajailan, kadengkian ti pada manusa teu bisa keuna, undur robah jadi asihNa. Teuteup ngandung kaheman, numpes panyakit nu datang. Aji jeung pakarang taya nu bisa nembus jirim tangtungan. Lir kapas ninggang wesi, ngulas teu ninggalan harti. Wisaya taya matihna.. Sato galak tungkul taak. Jungkiring kakayon  alas wiwitan, teu matak mere kakeueung. Tumetep di nu suni, jeroning peteng  lan lamping gunung. Sayang landak, sayang merak, sayang badak moal matak undur tapak. Surut laut, waras waluya, endahna rupa perbawa dawam ning ASMA. Kaimpungan widadari.. Dijaga malaikat sukma suci. Manunggal ngahiji.. Panglinggihan kalbu, Asmaning Adam. Panglinggihan pikir, Asmaning Sis. Panglinggihan lisan, Asmaning Musa. Subhanallah... 🎋 Mitapak maripat "suluk Sunan Kalijaga"💦 Kidung Rume
Postingan terbaru

💦 KARI SESANA_Yeni Ahmad

💦 KARI SESANA_1 Mangsa langit lenglang, Kabuyutan lemah buhun diceungceurikan. Ngageuri jeroning ati ngadenge kunti suka seuri, Duruwiksa meunang bagja, setan siluman galumbira nempo tutunggul Sunda Wiwitan geus jadi sagara.  "Gusti..!?" Jati Buhun ngajadi saksi ugeran  kasarakahan manusa manusa abdi dunyawi. Nu tingkoceak, nu ngabangingik kanyerian ku lemah sarakan geus kakeueum angkara alesan kamajuan kahirupan. Mangrewu jirim ngalanglayung, mangyuta ringkang ngababatang melaan nu hamo bisa dibelaan. Didieu nyakseni, sagala pangaboga ilang taya tapakna. Urang Sunda leungiteun kaSundaanana. Jati kasili junti lali ka basa jeung rengkakna. Leungit ciri pribadina. Ambuing gening Gamparan, Kasarakahan ngagunasika rasa kamanusaan, mending dewek hanteu batur. Geura tumpurkeun kaangkuhan nu nyangkaruk dina rasa manusa, sabab kadunyaan bakal ngancurkeun kayakinan dina dirina. Mupusti jirimna lain Gustina. Ngaku kana kawasana.., poho kanu Maha Ngersakeuna. Jul jol ti ditu ti dieu ng

🍂ASIH DITELAS PATI🍃

 🍂 ASIH DITELAS PATI_Yeni Ahmad🍃 Hahadéan jeung Mala geus aya tilu taunna. Ti manéhna kelas 1 SMA nepi ayeuna geus nincak kelas 3 SMA. Na ati, kuring jangji ngan Mala nu bakal marengan kahirupan kahareupna. Ngarumahtangga, ngudar katresna saenyana ngahiji salalawasna, mihéman sapanjangna. Nyawang boga turunan jaga nya jeung Mala, kembang cinta hiji-hijina.  Mala wanoja basajan najan kaayaan kolotna kebek ku kacukupan. Geulis ceuk kuring mah, lain pedah keur bogoh, tapi saenyana.  Pakulitan hideung santen, teuteup seukeut. Mun nyarita tatag, réngkak paripolahna matak kayungyun. Lain ku éta wungkul, Mala wanoja hadé haténa. Tong boro kolotna, dalah kuring gé bagja pisan bisa meungkeut haté Mala.  "Nuhun Gusti, abdi tos diamprokeun jeung Mala." Udar lamunan mangsa hapé disada. Bray gambar Mala keur imut na layar hapé. Bagja kacida aya telepon ti manéhna téh. Tara-tara haté bungagang leuwih ti misti, teuing kumaha.  "Aya naon Nung, ni lawas nembé nelepon deui. Tos rérés uj

💦 KUDA SUMEDANG

Nyanggakeun pangbeberah manah, tebih tina sae mung hatur lumayan tamba tiiseun. 😅🙏

💦 LIR..

  💦 LIR..  Ungkara., sastra Sunda yasana Ki Bambang.  Endahna basa dina ungkara, ngaguar kalimah dina siloka. Neundeun rusiah diri, medalkeun gerentes ati dina mamanis jeung luhungna ajen kasundaan. Nyanggakeun.  🙏

💦 Sempalan Carita

 💦 KEUYANG Sagala rupa perkara katalian ku dosa. Cicing kasiksa, ngalawan diperdaya. Sabar narima sagala rupa cocoba, dodoja najan ngancurkeun sagala harepan jeung TRESNA. Mungguh kersaning Allah, moal nanggeuy ti bongkokna ka insan nu raweuy ku du'a lan kayakinan. Pageuh muntang dina bener jeung yakin Mung Ka MantenNa. Laksana mungkas carita lara. In sha Allah. 🙏🙏🙏

BUBUKA.. 🙏

Sampurasun. .   Sanes seja ngaguar kakirangan diri, maluruh laku deungeun nu diukur ku carita jeung basa nu nyamuni,  paralun.  Seja mihapekeun gerentes katresna acining sanubari, ngaderes dina kalimah jeung kecap nu jauh tina  basa merenah. Darma ngaguar pangrasa dina marengan GALINDENG PETENG.  Ngalanglangan wanci, candeluk marengan waktu, lumampah jeroning angen-angen sugan bae ngeunteupan kakangen kana ati, kana pikir seuweu siwi terahing dusun kasundaan.  Sasieureun sabeunyeureun ngawur carita bihari, sanes miharep deudeul pamuji. Sugan bae jadi eunteung, aya pulunganeun.  Nyanggakeun kalaip diri kalayan teu ngirangan kaajrih ka pamiarsa nu parantos keresa linggih maos, ngaroris guaran sim kuring.  Neda agung cukup lumur, neda jembar hampurana.  Peun, hatur salam.  "Yeni Ahmad.." 🙏