Langsung ke konten utama

💦 LINGSIR WENGI_Yeni Ahmad





👣 LINGSIR WENGI_Yeni Ahmad

Hariring Kidung pangagung mangsa peuting geus panceg dina jajantung..
Ngagalindeng jadi panyinglar.

Sirna sagala bahla.
Jin, setan hamo ampuh ngagunasika.
Kajailan, kadengkian ti pada manusa teu bisa keuna, undur robah jadi asihNa.

Teuteup ngandung kaheman, numpes panyakit nu datang.

Aji jeung pakarang taya nu bisa nembus jirim tangtungan.
Lir kapas ninggang wesi, ngulas teu ninggalan harti.

Wisaya taya matihna..
Sato galak tungkul taak.
Jungkiring kakayon  alas wiwitan, teu matak mere kakeueung.

Tumetep di nu suni, jeroning peteng  lan lamping gunung.
Sayang landak, sayang merak, sayang badak moal matak undur tapak.

Surut laut, waras waluya, endahna rupa perbawa dawam ning ASMA.

Kaimpungan widadari..
Dijaga malaikat sukma suci.
Manunggal ngahiji..

Panglinggihan kalbu, Asmaning Adam.
Panglinggihan pikir, Asmaning Sis.
Panglinggihan lisan, Asmaning Musa.

Subhanallah...

🎋 Mitapak maripat "suluk Sunan Kalijaga"💦
Kidung Rumekso Ing Bengi 🙏


Komentar