Langsung ke konten utama

💦 KARI SESANA_Yeni Ahmad



💦 KARI SESANA_1



Mangsa langit lenglang, Kabuyutan lemah buhun diceungceurikan. Ngageuri jeroning ati ngadenge kunti suka seuri, Duruwiksa meunang bagja, setan siluman galumbira nempo tutunggul Sunda Wiwitan geus jadi sagara. 


"Gusti..!?"

Jati Buhun ngajadi saksi ugeran  kasarakahan manusa manusa abdi dunyawi.

Nu tingkoceak, nu ngabangingik kanyerian ku lemah sarakan geus kakeueum angkara alesan kamajuan kahirupan. Mangrewu jirim ngalanglayung, mangyuta ringkang ngababatang melaan nu hamo bisa dibelaan.


Didieu nyakseni, sagala pangaboga ilang taya tapakna. Urang Sunda leungiteun kaSundaanana. Jati kasili junti lali ka basa jeung rengkakna. Leungit ciri pribadina.


Ambuing gening Gamparan,

Kasarakahan ngagunasika rasa kamanusaan, mending dewek hanteu batur.

Geura tumpurkeun kaangkuhan nu nyangkaruk dina rasa manusa, sabab kadunyaan bakal ngancurkeun kayakinan dina dirina. Mupusti jirimna lain Gustina.

Ngaku kana kawasana.., poho kanu Maha Ngersakeuna. Jul jol ti ditu ti dieu ngaku Raja turunan Raja.

Nu nyata saukur Rajawisuna..!!!


Nutup rasa nungkup pangrungu muga bisa nyakseni ngagebrayna lalangit buana Buhun ngancurkeun sagara ciciptan, numpurkeun Duruwiksa nu geus ngacak ngacak buana.

Titisan titisan jatining Sunda bakal narembongan, kawas bentang satitik tengahing sagara peteng. 


Sunda nu geus ilang kasundaana tingbalieus nutup kaera. Ilang jati ilang pribadina..., Ilang diri turunana.

" Laa ilaha ilallah...

Cacandran ti gunung Surian jadi hiji katangtuan.

Mangka sayaga..

Geura tatan tatan balikeun deui ka asal dimana mustika ati geus pareum cahyana. Panca giri ngajadi saksi hudangna Mahkuta Darma Kamanusaan nu geus dikotretkeun ti AsalNa.


Sumedang Ngarangrangan

Kadipaten Kapapaten

Tomo Kapolostomo

Cirebon Kabongbodasan

Indramayu Kalalayuan

Ujungjaya Ujung Kajayaan

Cihanyir Tinggal Hanyirna

Panadahan Pangumbahan

Warung Peti Tempat Mayitna.....


                      Hanca🙏🙏🙏







💦 KARI SESANA_2


Ngelebet umbul umbul ti beh Wetan mere ciri kasarakahan,

Kakawasaan  geus masung jirimna ngaku NU murbehing alam

Mangka geuing.., lain alam nu numpurkeun kahirupan arinyana sakabeh, tapi napsu, hianat jeung kaangkuhan nu ngancurkeun diri pribadina.


Mangsa leburna Lelemah Kabuyutan, Ci Kahuripan ukur babasan

Surian panceg tetep nyakseni.

Nagara jadi Padang Kuruseta, perang sadulur silihlindih kakawasaan..

Pitenah ngabaju dina lisan lisan Pangawasa titisan Duruwiksa !

Silihsigeung wadal dewek tandon alas.

Geus teu wawuh duduluran


Tingkaretip silalatuan Pasukan Pasukan Medang nguniang ngaregreg ngajaga ti beh kidul ku rasana.

Nyakseni.. tanpa sora, angin handaruan gelap saleser jadi aweuhanana.

Tingpucunghul narembongan lunturna ahlak manusa alatan ancurna budaya, adat kulampah arinyana

Ngamitoskeun.. ngaharamkeun kalindih aturan bangsa nu lian

Sukma Pertiwi ngageuri deui..

Ringkang Nusantara taya hargana dimata deungeun

Ancur ku rebutan alas,

Pacorok sieun teu seubeuh !


Hibar layung ti beh wetan nganti Jatining  Sukma nembongan ngaranggeum sorot cahya  Duruwiksa nu ngajega..

Di dinya bedahna sagara ciciptan ngalebur setan siluman nu suka suka lalayaran guyang maksiat jeung basilat.

Nu ngahianat Lemah Buhun tangtu nampa akibatna..

Geura elingan saacan pati narajang alas.., muga pati teu peurih teuing


Geura nyaring Jungjunan..

Mangka tetep dina aturan najan hianat beuki mahabu.

Leburna Duruwiksa geus jadi kapastian alatan Lemah Wiwitan.

Mawa ragi ka Cilutung, tikukur ngudag saeran ..

Rek rugi atawa untung, kudu sukur ka Pangeran..


                     Cag 🙏🙏

Komentar