Langsung ke konten utama

🍂ASIH DITELAS PATI🍃




 🍂 ASIH DITELAS PATI_Yeni Ahmad🍃

Hahadéan jeung Mala geus aya tilu taunna. Ti manéhna kelas 1 SMA nepi ayeuna geus nincak kelas 3 SMA. Na ati, kuring jangji ngan Mala nu bakal marengan kahirupan kahareupna. Ngarumahtangga, ngudar katresna saenyana ngahiji salalawasna, mihéman sapanjangna. Nyawang boga turunan jaga nya jeung Mala, kembang cinta hiji-hijina. 


Mala wanoja basajan najan kaayaan kolotna kebek ku kacukupan. Geulis ceuk kuring mah, lain pedah keur bogoh, tapi saenyana. 

Pakulitan hideung santen, teuteup seukeut. Mun nyarita tatag, réngkak paripolahna matak kayungyun. Lain ku éta wungkul, Mala wanoja hadé haténa. Tong boro kolotna, dalah kuring gé bagja pisan bisa meungkeut haté Mala. 



"Nuhun Gusti, abdi tos diamprokeun jeung Mala."


Udar lamunan mangsa hapé disada. Bray gambar Mala keur imut na layar hapé. Bagja kacida aya telepon ti manéhna téh. Tara-tara haté bungagang leuwih ti misti, teuing kumaha. 


"Aya naon Nung, ni lawas nembé nelepon deui. Tos rérés ujian praktékna...?"


Kapireng sora Mala ukur nyeukeukeuk. Lucu meureun ngadéngé nu ujug-ujug merekpek nanya. 


Emh...! Bet kacipta manehna mun keur imut. Aya ku nyari. 


"Kang abdi hoyong pendak. Énjing pami aya waktos mah jemput ka sakola. Tabuh sawelas ge tos bubar da."


"Siap, bingah pisan akang mah."


''Muhun kitu we atuhnya kang Harsa. Nuhunya." Mala nutup teleponna. 


Najan umur karak welasan, tapi pamikiranana koloteun. Asa beuki kataji. 

 

Nunggu isuk rék nepungan Mala, karasana asa ku panjang  peuting ieu téh. Teu biasana bet manteng waé haté jeung pikir ka manéhna, teuing pedah geus dua minggu wé meureun teu panggih, ti mimiti manéhna nyaram nepungan sabab cenah rek ujian prakték, hayang husu embung kaganggu.


Motor ngageuleuyeung kaluar ti sakola réngsé mapagkeun Mala. Leungeun katuhu Mala meulit cangkéng. Diukna madep ngénca cara biasa. Léok motor asup ka warung baso méméh nepi ka imah  manéhna. 


"Na bet lebet ka dieu Kang, engké wé tuang mah di rorompok. Hawatos Si Mamah tos masak."


Mala nyiwit kana cangkéng bari turun tina motor bada asup ka parkiran warung. 


"Yeh.. Bisi wé Enung tos lapar. Nya urang nyirop wé atuh ari kedah neda di bumi mah. Kagok akang geus asup ah..!"


Hideng juru panon ngarérét Mala nu geus ngagadeud. 

Teu lila, ukur ngadon nginum wungkul, kuring jeung Mala nuluykeun lampah ngajugjug imah kolotna. 


Anjog ka buruan imah nu simpé, turun tina motor Mala nguliwed jalan ka pipir nu brasna ka pawon. Kuring geus teu asa-asa ogé di dieu téh. Kolot Mala geus kawas ka anak nyanghareupan kuring téh. Teu milu nuturkeun Mala, kuring ngadon diuk di tepas bari nempo kekembangan nu keur sumedeng mangkak di buruan. 

Malati jeung érmawar, sedep malem, kacapiring nu jadi pepelekan indungna, seungit meleber kabawa angin sumilir neumbrag kana aambeuan. 


Mawa seger kana rasa, méré éndah tetempoan. Rénghap, kuring nyeuseup wawangi alam tina kekembangan. Asa betah bet asa tumaninah. Teu apal geus sawatara lila, kagareuwahkeun sora Mala nu ngajak dahar, ngagentraan ti lawang pawon. 


"Hayu akang urang tuang, hawatos Si Mamah masak tuh...!"


Bentik curukna nuduhkeun pasakan dina luhur méja. 


Enya wé ni sagala aya. Asé cabé pangaresep pisan. Sambel Kentang, orég témpé, endog, semur hayam gé aya. 


"Sok atuh kang urang raosan!"


Piring na leungeun kéncana geus dieusi sangu nu satuluyna diasongkeun ka kuring. 


"Na ari Si Mamah sareng bapa kamarana. Asa suwung, biasana ngadangu nu sumping téh tos nyorowok méméh sora motor akang pareum."


"Nuju pangaosan di Masigit nu Lebak caket bumi Bi Erum téa ning kang. Ké bada Asar gé sumping."


"Oh kitu, paingan ni jempling. Na aya acara naon kitu, pasakan ni sagala aya...?"


"Éta tuang heula bisi kabujeng tiis sanguna. Tah rencangna. Ké Mala nyandak heula ci téhna."


Balakecrakan duaan jeung Mala. 


Réngsé dahar kuring ngaléos deui ka tepas, rék udud bari nunggu indungna balik ti Masigit. Teu lila Mala nyampeurkeun, gék diuk na korsi hoé hareupeun,  bari tuluy nyarita. 

Kuring neuteup manéhna saliwat, laju miceun panempo ka  buruan deui bari miharep pribumi geura datang. Nya dua minggu ogé teu panggih jeung kolotna. 


"Kang Harsa, na leres akang badé narosan téh pami abdi toa réngsé pelulusan...?"


Teuteup seukeutna kawas nembus pikir kuring, pikeun néang putusan. 

Ukur unggeuk jeung males paneuteup. 


"Tos diémut éta téh Kang Harsa...?"

Deui-deui kuring unggeuk. Asa lebar mun kudu leupas tina paneuteupna. 


"Abah sareng mamah gé da tos terangeun geningan, akang badé narosan téh. Bingah wé abdi mah."


Mala tuluy ngabalieur mindahkeun paneuteup, tuluy tanggah nempo lalangit. 


"Aya naon Nung, siga nu cangcaya geningan...?"


"Ah henteu kang."


"Dimana urang tos nikah engké, akang moal rék mungkas cita-cita Enung. Ku akang dianteur, diwujudkeun kahayang Enung. Ngan hiji paménta akang. Enung hirup jeung akang sapanjangna ngarumahtangga. 

Umur akang geus nyukupan. Bekel geus sadia. Kari Enung nu ridona."


Teuteup paamprok deui. Clak cipanon ragrag tina socana. Haté ngalenyap. Boa salah basa. Mala unggeuk wakca nyebut enya. Gumbira deui haté téh.

 

"Nuhun Gusti." Ni'mat ti Nu Maha Kawasa. 


"Kang, pami tiasa mah ti ngawitan dinten énjing, amulah waka nepungan atanapi nelepon abdinya.

Wios ké abdi nu nelepon sareng nepungan akang."


Deui-deui teuteup Mala kawas nu rék ngobét jajantung. 


"Naha Nung ku naon...?"


"Teu nanaon, étang-étang buktos kanyaah akang ka abdi wé. Ku abdi diuji. Kersa sareng sanggem teu, pami teu sanggem, urang sakantenan pungkas wé ayeuna lalakon urang téh, kang...!"


"Har ituh geura, sanggem akang mah nedunan pamundut Enung. Na aya naon atuh...?"


Haté kaeunteupan lewang, tapi Mala katémbong kéom. Pikir pinuh ku pananya. Neger-neger manéh narima najan saenyana mah seunggah kacida, mun kudu jauh jeung manéhna. Nu kedal ukur humandeuar. 


Hapé disada, méré béja tina WA ti  pagawé. 


"Kang cios moal jajap barang téh. Itu nu pesen ngantosan. Hoyong ku akang saurna bari aya picarioseun."


Kuring amitan ka Mala najan teu kaburu deui waé tepung jeung indung bapana. 

Motor ngageuleuyeung ninggalkeun buruan nu pinuh kekembangan, ninggalkeun deui Mala nu jadi pucuk harepan. 

  ~Hanca 🙏~




🍂ASIH DITELAS PATI~2🍃


Saminggu, guling gasahan. Jeletot deui, jeletot deui ringkang Mala nyocoan na ingetan. Sono kacida nyoba téh, rada palér mangsa riweuh ku pagawéan. 

Minggu kadua imutna méré harepan. Ngolébat dina sawangan, gugupay ngajak papanggihan. 

"Ah ..., Mala..., ni loba nyiksa ka aing téh!" 

Cacap ku kutuk gendeng.
Disabaran, dilakonan,  kajeun mépéndé ngupahan guligah ukur keur Mala. 

Minggu katilu pon kitu deui, asa ku kasono méh teu kawawa, haté norowéco. Sakapeung kukulutus, keuheul teu bisa panggih. 

"Téga anjeun mah Nung, ngulinkeun kacinta akang nepi ka kieu."

Minggu kaopat jirim Mala ngolébat, ngoconan na impian. Reureujeungan babarengan mapay hambalan ngudag puncak Imalaya, teu kuhanteu halimun mungkas . Mala ngudupruk wakca teu sanggup. 
Kuring ngoréjat, impian teu kebat. Honcéwang ngimpi jadi kila-kila. 

"Haduh ..., meni sono akang téh nung..!"

Hapé disada, bray gambar Mala némbongan. Teu nunggu lila, saharita telepon dirawél tina méja. 

"Nung, séhat geulis...?
Ka mana waé atuh, akang sono."

Teu sabar dibarung bungah taya hinggana nampa telepon ti manéhna. 

Mala kareungeu nyeukeukeuk cara biasana mun kuring geus merekpek ku rupa-rupa pananya. 

"Sami akang, abdi gé sono."

"Nuju di mana geulis, geuning rada kirang saé kakupingna suanten téh?"

"Muhun nuju di luar kang, nuju ngiringan acara di sakola. Sinyalna awon. Tos heulanya kang, abdi tos aya nu nyauran."

Mala mungkas carita. Lep gambarna leungit na hapé, robah ka gambar layar. 

Hatè mentegeg, pagalo bungah jeung keuheul. 

"Sugan kudu aing nu nelepon kitu, aral ah...!"

01.56 kabaca angka jam na layar hapé. 

"Beu, baruk rék asup janari. Malaaa..., nya keur naon majar di sakola téh, wayah kieu geuning nelepon, tara-tara ti sasarina?"

Gék, diuk sisi enggon, ngahuleng mikiran kaayaan kumaha Mala di sakola, majar cenah, teuing aya acara naon. 
Ragamang leungeun ngarongkong deui hapé nu geus ditunda tadi na méja. Teu sabar hayang nanya ka kolotna Mala-Mala,  tapi cacap semet ukur niat.
Ngalangkang nembongan deui manéhna mangsa ngeclakeun cimata, manggut nyebut enya sanggup hirup babarengan ngarumahtangga. 

Teu pupuguh haté kaeunteupan nalangsa. Katibanan tunggara teu kungsi aya jejer caritana. Haté kakoét sorana, imutna, ringkangna. 
Ukur ditiruk ngaheruk. 

"Gusti, Mala..., akang méh teu kuat ngawujudkeun jangji sangkan teu nelepon atwa nepungan anjeun, Nung...!"

Teu bisa dibohongan, bener, yakin yén haté téh geuningan ukur keur anjeun. 

"Rék nepi ka iraha nung nyoba téh, sumpahna gé akang teu kuat..!"

Niiskeun haté jeung pikir ngudupruk luhureun sajadah. 

"Nyanggakeun Gusti...!"

Lima poé ti harita Mala nelepon. Bagjana teu bisa kagambar ku rupa éndahna purnama. 
Rikat ditampa. 

"Enung kumaha damang, geulis? Iraha atuh urang tepang téh. Akang sono. ..!"

Nu ditanya ukur nyeukeukeuk deui baé. Halimpu sorana asa teu cara biasa, rada awor kabawa ku sora angin. 

"Kang Harsa, énjingnya bada Asar urang pendak."

"Di mana nung, akang ngajemput ka bumi...?"

"Ih ulah. Ka sakola abdi, diantosan caket tangkal puring. Bada Asarnya, omat!"

" Na maké ka sakola, pan kantun ngantos ijasah panginten...?"

"Muhun, pan kedah néken énjing téh."

Teu salam teu naon cara sasari, hapé ujug-ujug nut-nutan leungiteun sinyal. 

"Hih dasarnya teu ngarti kanu keur gandrung. Sinyal koplok...!"

Hapé dialungkeun ka luhur enggon bareng ngabeubeutkeun manéh di dinya. Keuheul rada kaupahan sabab isuk jangji rék panggih. Lamunan teu kebat sabab kapegat ku adan magrib nu réang patembalan ti unggal Masigit. 

Dicipta nepi ka hésé saré, rék patepung jeung bébéné. Jol isuk, jol isuk wé harepan téh. Isuk rék nepi lohor baé nungguan toko téh, kadituna rék sina ku barudak nepi ka wayah tutup. Teu sabar guling gasahan tepi ka teu karasa nincak janari karak kapulesan. Nyaan cinta téh nyiksa. Gandrung téh kieu rasana, padahal geus lila hahadéan jeung manéhna téh. 

Batin asa tambah kebek ku kaasih. Rasa beuki lébérr ku kahéman. Mala deui-Mala deui nu disambat téh taya nu lian. Mala tara loba paménta. Lah, geus moal aya wè pikeun kuring mah gantina. 

Adan Lohor gura-giru balik ti toko, teu poho amanat ka barudak pagawé. 
Hahariringan, hideng biwir téh nganteur suka ati kuring sapanjang jalan muru ka imah. 
Mandi teu sirikna sagala dikosokan, diangir sagala hayang kapeunteun jeung embung nguciwakeun nu geulis. Lohor dilakonan, ngan dahar ngadadak teu hayang. Geus wareg rarasaan téh ku ngimpleng panggih jeung Mala ogé. 

"Rék ka mana Jang, wayah kieu ni geus kasep?"

Ambu nyidik-nyidik, teu sirikna bari ungas-ingus ngambeuan baju. 

Kuring nyéréngéh, 
"Panan jangjian sareng Mala, Bu."

"Paingan ni sareungit. Heug atuh jung. Kadé sing apik bobogohan téh  ulah kéna-kéna rék dijadikeun. Ulah wani ngaganggu mahkuta putri, Ambu teu sanggup nanggung dosana. Kadénya kasép, sétan mah ngagoda téh ka nu éling.., lain ka jalma ahli maksiat. Kadé  omat hidep jangji ka Ambu."


"Sing percanten atuh Bu."

Ambu ukur  imut bari ngacungkeun jempol, tuluy ngaléos ka pawon. 

"Akang hayu..!"

Aya iber ti Mala kana hapé. 
Haté ngadadak ratug kawas nu anyar pinanggih baé. Jadi inget apél munggaran. Kuring sarangah-séréngéh sorangan. Emh.... Gusti, jisim téh bet mabok cinta deui ka Mala, ceuk basa budak ngora téa mah. Nyéréngéh sotéh, rumasa geus rada umuran. 

               ~Hanca 🙏~





🍂ASIH DITELAS PATI~3🍃


Adan Asar geus réang ti Masigit. Méméhh indit, ngalakonan heula solat. Rét deui kana kaca lomari. Kaméja dibebener, buuk dibebener sieun aya nu can bérés. Hayang seuri, kapiasem kalakuan sorangan, laju nyeuleukeuteuk  bari ngeunteung. Emh..., nyaan, loba nu ngadadak owah alatan cinta téh saenyana. 

Geus kasép. Motor hérang, nu makéna gandang, pokona poé ieu nyanding Déwa Kamajaya wélah, lain Arjuna deui. 

Motor nyorang jalan aspal ngénca muru ka sakolana Mala. Anjog ka buruan sakola, rurut- rérèt ka lebah tangkal puring nu ngajajar dua, maksud néang Mala. 

"Kang Harsa...!"

Nu geulis geus imut tukangeun. Haté ngalenyap kateumbrag imut. Ngabalieur, miceun rasa geugeut paur katohyan. Meni hayang ngagaléntoran, duh sono ....
Mala ngaranggeum leungeun. Dicium, diangseu, kahayang mah ulah dilésotkeun deui. Mala imut deui dibarung neuteup, aya ku anteb. 

Bet kasima ku linduh sorot socana, tapi pameunteu katempo jiga nu lungsé. Teu kitu kumaha pikir téh, Mala mah siswi aktip. Sagala kagiatan miluan, katambah ketua OSIS. Los poho sagala rupa pananya nu rék ditepikeun ka dirina. Biwir rapet létah kélu alatan sirep, ukur bisa mésem. 

"Hayu kang urang ka rorompok. Tapi ké lirén heula di pasar ampar, abdi bade milari tawis soca kanggo mamah."

"Naha kumaha kitu nung, milari tawis soca sagala..? 
Keun bagéan akang atuh nu kitu mah."

"Énjing téh milangkalana kang, nu ka-50."

"Oh kitu. Mugi panjang yuswanya Si Mamah."

Mala ngaaminkeun bari gék diuk tukangeun nu geus anjeucleu luhur motor. 

Sajajalan Mala loba jempé, nu sasarina  bacéo téh. Leungeun katuhu meulit cangkéng. Karasa awakna antel kana tonggong, najan loba anggangna. Mangsa eureun na setopan, tonggong leungeun nu napel na beuteung téh diusap. Tiis caméwék, tayohna mah katirisan. 

"Deudeuh nung.
Akang jangji rék nyugemakeun, nyenangkeun anjeun."

Haté galécok. 
Kawas nu terus rasa, Mala Ngusapan tonggong kuring. 

"Akang lalaki langit. Abdi bagja tos ditepungkeun sareng salira. Nuhun Kang Harsa."

Kareungeu sorana kawas nu nahan rasa. 

Anjog ka pasar ampar, lalaunan kuring mapay parkiran susuganan manggih nu lowong deukeut lawang saketeng. Méh teu jauh leumpang maksudna mah.

"Hayu nung...!" 

Maksud nungtun manéhna asup ka pasar ampar. 

Mala ngarandeg, teuteup paamprok. Leungeun Mala nyekel leungeun  jadi pahareup-hareup. Tiis karasana tina dampalna nyaliara kana sakujur awak rarasaan téh.  Kasono nu adug-adugan hayang budal téh dumadak leumpeuh ku ranggeumna. 
Aya deudeuh nu rohaka. Hayang ngaping, hayang ngajaga kasuciana, lain hayang ngagunasika kahormatanana. Rénghap beuki jero neuleuman sagara rasa. 

"Ku naon nung...?"

"Kang Harsa antosan didieu. Wios abdi nu milarina. Rusiah!"

Kuring keukeuh hayang marengan, manéhna keukeuh nyaram ulah milu. Ngéléhan. Éléh déét. Duit lambaran diasongkeun. Mala tetep nolak cara biasa tara daék nampa duit ti kuring. Can hak basana téh. 

"Nung dipoto heula nya. Sono akang téh...!"

Ku kuring ditangkeup, dipoto duan. Teu lila manéhna asup ka jero pasar bari gugupay. 

"Nuhun akang."

"Tong lami  nung, tos sonten teuing bilih mamah deudeupeun..!"

Mala geus teu katempo.  

Ngajentul di parkiran nyérangkeun nu lalar-liwat bari nungguan nu balanja. Wanci nyérélék maju sareupna. 
Adan Magrib geus disada tapi Mala can jol datang. 
Hariwang mungkus rarasaan. Elol deui loho deui kuring nempo ka jero lawang saketeng. 

"Gusti.... Nya ka mana budak téh...?"

Bulak-balik ka dinya néang. Jajantung ratug. Boa-boa kumaha panutan ati. Arloji ditempo deui. 3 jam kuring nganti tapi manéhna teu mulang deui. Haté tagiwur  tambah kagareuwahkeun ku nu nepak tonggong. 

"Héy, Kang Harsa sareng saha. Nuju naon di dieu...?"

Horéng Abil kapilanceukna Mala nu nanya. Teu kahaja paamprok di dinya. Abil jeung bapana (uana  Mila) harita téh. 

"Ieu jajap Mala balanja."

Kuring bébéja sanggeus pataréma leungeun. 

"Baruk.., 
Teu salah éta téh kasép...?"

Wa Haji jeung Abil mencrong. Bahamna rada engab kawas manggih kareuwas. 

Kuring ngeluk nyingkahan paneuteup. Emh.... Boa salah, kuring geus mawa alona wayah kieu ka dieu, haté humandeuar.
Maranéhna silih rérét hareupeun. 

"Duh hapunten abdi, Wa Haji. Ngantosan Mala di dieu tos aya kana 3 jamna, saurna téh hoyong milari tawis soca kanggé Si Mamah, tapi alim disarengan."

"Yakin jeung Mala...?"

"Leres Wa."

"Kieu wé atuh jalu, isuk bada asar datang ka imah Uwa. Jeung kulawarga mun bisa mah. Uwa aya acara."

Wa Haji nepakan tonggong kuring. Daria ayeuna mah teu kawas mimiti. 

"Kang Harsa.., Mala téh...."

"Bil, buru...!"

Nyaritana teu kebat sabab bapana kaburu ngahuit. 

"Kasép geura balik wé, keun Mala mah bagéan Ua nu néangnna. Isuk pokona omat ka Ua. Mun bisa mah ajakan sakalian Ambu. Ua boga acara."  Deui-deui manéhna negeskeun. 

Ukur wasa unggeuk kawas keuna ku gendam. Balik ninggalkeun parkiran pasar ampar, ninggalkeun Mala nu keur balanja, mulang sorangan sakumaha paréntah Uana. 

Pikiran kumalayang teuing dimana eunteupna. Kawas nu kabur pangacian, teu puguh cabak, teu purun gawé. 
Pikir kuring, ati kuring ilang lir kabawa kalangkang. 
Nyangsaya di patengahan imah sosoranganan. 

"Ku naon abdi téh Gusti. Na bet teu puguh raraosan."

Pikir pinuh tanda tanya. Bet sumoréang loba hariwang palangsiang kembang hareupan geus leungit tujuan. 

"Astagfirullah hal adziiimm..., Mala mah teu kitu." 

Biwir ngageter, pikir ngupahan manéh. 
Teu karasa ngeclak cimata. Mun enya téh tada teuing larana. 

Deui-deui istigfar. Cipanon murubut teu pupuguh. 

"Ku naon..., aya naon ieu Gusti. 
Haté jeung pikir kawas boga kila-kila."

Tebihkeun ya Allah, tebihkeun sagala prasangka ka dirina. Akang percaya ka Mala. Mala téh satia. Urang geus jangji. 
Bréh, némbongan deui impian, mangsa nété hambalan nuju mumunggang nu pugag kapegat  halimun. 

              ~Hanca 🙏






🍂ASIH DITELAS PATI~4🍃

 
Pikir nogéncang, léngkah kendat mangsa rék nedunan pangulem Wa Haji pikeun datang ka imahna. 

Seunggah asa nataku. Ngahurun balung dina enggon. Saéstuna antayan kecap ngajajar nuturkeun kalangkang Mala nu kokolébatan, jiga nu ngahaja mukakeun alam panyawang mapay-mapay gumenclangna pangharepan. Bati  ngarahuh, awak bet karasa beurat. Istighfar. Kuméok méméh dipacok, mopo méméh nanggung peunggas rancatan.   Karasa héngkérna diri, Inggis nampa carita kakasih geus aya nu  miboga. Ngaheruk, laju humandeuar.

"Ampun Gusti, tegerkeun haté, neda kiat rasa jeung kayakinan, yén Mala tetep keur marengan kahirupan abdi, jaga ngarumahtangga, sakumaha pasini. Aamiin...."

Maksakeun indit najan haté lewang, kahariwang eunteup deui. Nengetan jalan nu kaliwatan mangsa paduduaan jeung manéhna, haté ngalenyap inget ka Mala. Kareueung jauh panineungan, palangsiang. Jajantung bet tutunggulan.

"Geura asup Jang, ulah ngadon ngahuleng di buruan...!"

Wa Haji ngagupayan. Mih Haji nyampeurkeun, lajeng ngagandéng  Ambu nungtun ka jero. 

Ngariung di patengahan, sempal guyon kaselang balakecrakan. Bagja rarasaan bisa ngahijikeun dua kulawarga, jauh saacan maju réndéngan antara kuring jeung Mala. 

"Kasép, ceuk Bi Onih majar cenah hidep téh kungsi datang ka teun Si Mamah sabulan katukang. Ngan teu nyarita nanaon cenah, ditanya gé haré-haré waé. Ukur  dahar wungkul, teu lila balik deui bari teu amitan amitan acan...?"

Wa Haji muka obrolan, bari kawas nelek-nelek nganti pangakuan. 

Ngahuleng mikiran éta panakon. Hémeng, naha bet Bi Onih. Ingetan dipaksa balik ka mangsa sabulan katukang, harita balik mapagkeun Mala, heug diajak dahar di imahna. 

"Na da teu kantos pendak sareng Bi Onih, Wa. Mung abdi wé sareng Mala, malihan mah abdi ngantosan Si Mamah nu saurna nuju pangaosan di Masigit nu lebak."

Wa Haji neuteup seukeut barung ngambekan kawas nu capé. 

"Kasép, Jalu anaking.... Mala téh tos teu aya.
Harita basa hidep ka teun Si Mamah téh, nu ngawulaan hidep téh taya lian Bi Onih. Tapi nu kasép keukeuh wé nyebut Mala ka Bi Onih. Naha hidep teu sadar,
Uwa tambah reuwas deui mangsa tepung jeung hidep di Pasar Ampar, majar Ujang keur nungguan Mala...!"

Mih Haji kareungeu inghakna, silih rangkul jeung Ambu. Sora Wa Haji awor jeung  sora nu sisimekeun. Asa enya asa hanteu dédéngéan, tapi ati jeung pikir geus miheulaan ngajaul ka alak paul, ngejat ngudag kalangkang kembang. Leungiteun sora, asa ilang sagala rasa. Biwir teu ampuh nyoara. 

إِنَّا لِلَّهِ وَإِنَّآ إِلَيْهِ رَٰجِعُونَ

Kedaling ati nganteur kuring kapidara. 

Nyah beunta, bréh raray Ambu na tetempoan. Carindul soca balas ngaragragkeun cisoca. Aya imut jeung kahéman meper rasa nu kokoléaban. 

"Ambu...."

Nu disambat mapag kuusap jeung unggeuk. Lambeyna ngageter. Ambu sir kaistrian taya duana pikeun kuring mah. Nu teger can kungsi eundeur ku cocoba hirup. Ayeuna bobor karahayuan nyaksi ati kuring nu reuntas tengahing marga. 

"Anak Ambu kudu kuat."

Geter suantenna jadi panglipur kalbu. Nongtoréng kénéh caritaan Mala nalika nyebut yén kuring téh lalaki langit, nu sanggup teger mangsa nampa cocoba. Emh, mun enya téh. Asa jauh tanah ka langit, ku béja manéhna mulang gé diri geus bangkar pipetaeun. Komo. Mun enya nempo jeung buktina, tada teuing leburna ati kuring. 

Haneut dampal panangan Ambu ngusap palipisan nu kabaseuhan cipanon. Sirah masih tumaninah nyangsaya na lahunan Ambu. Haté ngarakacak bongan hirup nungtun nuyun layung nu geus surup. Ngalanglayung, sedeng hirup bakal mungkas adegan jiga Mala kiwari, ninggalkeun ieu diri sedengkeun waktu hamo aya randegna. Teuing isuk, teuing pagéto méga bayah mungkas ngeplakna, sukma amitan ninggalkeun raména dunya.

"Bedahkeun kasép, mun enya mah ceurik bisa ngudar bangbaluh. Najan hidep lalaki, lain harti teu boga kanyeri-kapeurih  ati. Ceurik mah wajar, ngarah hidep wawuh kana harti rumasa."

Cengkat tina lahunan indung. Sagalana ku kuring diguar. Dahar bareng Mala, majar cenah harita téh dina tahlil tujuh poéa.  Majar cenah batur  dahar jeung ngawangkong téh Bi Onih lain Mala. 
Kuring nembongkeun obrolan jeung Mala tina hapé. Nembongkeun ogé wanci mangsa Mala nelepon ti sakola waktu peuting harita. Tapi kulawarga Mala keukeuh nyebut Mala geus teu aya. Gusti...! Jajantung asa rék tutung. 

"Tah ieu geuranya waktos abdi dipoto sareng Mala di Pasar Ampar. "
Kokoréh kana galéri, néang potrét mangsa harita. Bréh katempo, gening kuring keur nyekel setang motor bari seuri, lain keur nangkeup Mala kawas harita. Teu karasa hapé murag tina cekelan, ngagoloprak ninggang méja.Teu béda jeung ragragna harepan. Lungsé rarasaan, lungsé nyanghareupan kanyataan. 

"Kasép, yu urang ka teun Si Mamah, tuh nu tahlil toa wekasan..."

Mih Haji umajak. 

Leumpang asa teu nangan ngajugjug imah Mala nu paeunteung-eunteung jeung imah Uwana. 

"Naha taya wartos ka abdi atuh Mah...?"

Indung bapa Mala ukur dareuda, lajeng nembongkeun béja tina hapé anjeunna nu dikirimkeun ka hapé kuring 40 poé katukang. 
Teu rumasa nampa béja. Warta ngeunaan Mala dikotéktak dina aran sakabéh kulawarga Mala mangsa harita. Ébréh nyata teu aya. Ukur aya bewara titik-titik, teu kaharti maksudna. 
Saréréa bati ngahuleng dibarung lara. 

"Mah neda widi, manawi tiasa abdi ningal kamarna. Abdi masih kènéh cangcaya Mala teu aya."

Bray panto kamar dibuka. Potrét Mala na méja tulis malédogkeun imut. Haté ngalenyap deui. 

"Sakedap kasép, ké heula..! "

Bi Onih jeung Si Mamah miheulaan asup ka kamar Mala. Hulang-huleng kawas nu bingung semu nganaha-naha. Majar cenah tadi isuk anyar ngabérésan, tapi kasur kawas tapak aya nu nyaréan. Aya bonéka awéwé keur ngahurun balung dijuru risbang dikongkorongan keretas modél écéng, make tulisan.

"Kanggo Mamah, wilujeng Milad."

Indung Mala ceurik paungku-ungku jeung Bi Onih, diuk na sisi pangsaréan. Kasedih teu bisa nutup kareuwasna ku kajadian éta. Mangsa leler tina tangisna, anjeuna ngaguar lalakon Mala dugi ka dug na. 

Mala balik sakola dianteur balik ku baturna. Dipariksa ka dokter, majar lambungna karasa katambah tipes. Titah dirawat, tapi kekeuh nolak, hayang di imah. 
Poé kalima panyakit beuki angot, dipaksa ku Apana dibawa ka Rumah Sakit. Ngong adan Asar, meneran hareupeun Pasar Anyar, Mala geus teu katulungan. Mala tilar dunya.

Kuburan jadi bukti, di dieu jasad Mala netepna. Asma ngajadi ciri dina tetengger. Kembang pajaratan méré wawangi dina poé kaopatpuluhna, mawur ngabarak luhur taneuh beureum nu baseuh kénéh. 
Cangcaya, ayeuna ngajadi nyata. Kakasih kembang kaasih geus tinggal kalangkang. 
Kalangkang nu salawasna marengan kuring. Marengan kacinta nu teu daék laas ka dirina. Kalangkang kembang nu teu kadongkang. Dunga nu wasa marengan. Lillahi ta'ala sagala mungguh kersaNa. 

"Muga mendak bagja di kalanggengan. Kaiuhan ku Ridona Pangéran. Nung.... Hampura Akang."


🙏Cag_Banjaran 2015...👈

#YeniAhmad_01#

Komentar