Langsung ke konten utama

BUBUKA.. 🙏


Sampurasun. .  

Sanes seja ngaguar kakirangan diri, maluruh laku deungeun nu diukur ku carita jeung basa nu nyamuni,  paralun. 

Seja mihapekeun gerentes katresna acining sanubari, ngaderes dina kalimah jeung kecap nu jauh tina  basa merenah. Darma ngaguar pangrasa dina marengan GALINDENG PETENG. 

Ngalanglangan wanci, candeluk marengan waktu, lumampah jeroning angen-angen sugan bae ngeunteupan kakangen kana ati, kana pikir seuweu siwi terahing dusun kasundaan. 

Sasieureun sabeunyeureun ngawur carita bihari, sanes miharep deudeul pamuji. Sugan bae jadi eunteung, aya pulunganeun. 

Nyanggakeun kalaip diri kalayan teu ngirangan kaajrih ka pamiarsa nu parantos keresa linggih maos, ngaroris guaran sim kuring. 

Neda agung cukup lumur, neda jembar hampurana. 

Peun, hatur salam. 


"Yeni Ahmad.." 🙏

Komentar